BUDAYA SUNDA JIJINGKLAK, MÉDIA SUNDA NGOCÉAK

Dina jaman globalisasi kiwari, aya nu matak pikabungaheun keur kasundaan. Di satengahing karémpan ilangna budaya lokal, justru budaya jeung nuansa kasundaan malah mekar. Sumanget kasundaan mucunghul di sawatara kalangan komunitas. Kareueus jadi “urang Sunda” tingraronghéap di mana-mana. Malah budaya jeung basa Sunda mimiti maridang dina produk-produk industri kréatif komunitas. Najan budayana kakolom Sunda populér.

Ngan lebah média mainstream basa Sunda mah, kalah ironis. Di satengahing tingpelentungna gairah makayakeun Sunda, kamekaran média Sunda kalah stagnan. Bisa jadi nurun, kétang. Padahal nasib média Sunda geus diadurényomkeun ti baheula mula.  Museurna dina kahayang masarakat Sunda miboga média Sunda nu hadé konténna, ngakar sumebarna, jadi rawayan antara masarakat Sunda, bari séhat sacara bisnis.

Coba geura, ditilik tina sisi jumlah média mainstream Sunda nu aya di Bandung upamana, apan bisa diitung ayeuna mah. Geura nya nu aya téh majalah Cupumanik, Manglé, Koran Galura, Sunda Midang, Seni  Budaya, Ujung Galuh, Cakakak, Bina Da’wah jeung Majalah Sora. Atuh di luarna, nu kacatet rada manjang téh Majalah Balébat ti Bogor.

Tapi da mun seug dibandingkeun jeung taun 1960-1970-an, kacida ganjorna kaayaan média Sunda mainstream téh. Da harita mah teu sirikna merul atuh. Geura nya urang tataan sababaraha ngaranna: Sari (1963), Sangkuriang (1964), Madjalah Sunda (1965), Campaka (1965), Kutawaringin (1966), Baranangsiang (1966), Pélét (1966), Giwangkara (1972), Galura (1972), Gondéwa (1972), Kawit (1974), jeung sajabana ti éta.

Lebah dieu bawirasa, aya sawatara kahéngkér utama média Sunda mainstream. Antarana teu bisa néwak sumanget jaman (zeitgeist), atawa kaliru néngkép sumanget jaman nu dianggap hiji ancaman, lain hiji poténsi, nepi ka média nu aya ayeuna sipatna défénsif, jeung konsérvatif. Ngagulidagna galura sumanget jaman éta téh mangrupa galura konvergénsi nu ngarobah kaayaan ajén-inajén béh ditu.  Ari konvergénsi apan adumanis dua kutub, kutub naon waé nu ngahijina mah. Konvergénsi téh apan leyurna wates-wates kahirupan sosial-ékonomi warga dunya.

Konvergénsi

Mimitina mah, konvergénsi téh disurahan tina sisi téknologi, nyaéta ngahijina tilu C: computer, communication and content (komputer, komunikasi jeung kontén). Komputer mah sajarah téknologi Amérika, nu mekar boh ukuran boh gancangna. Ukuranna ngagésér ti mainframe, ka mini computer, personal computer (PC), nepi ka ayeuna ngan sagedé dampal leungeun ukuranana.

Atuh komunikasi gé jadi leuwih personal. Téknologi radio ti sakapanggihna ku Marconi, mimitina nu boga hak téh nagara, militér, atawa industriawan. Tuluy jadi téknologi mobile generasi kahiji (1G) nu dipiboga sacara personal. Téknologi mobile mekar jadi 2G, 3G, nepi ka 4G saperti ayeuna. Ukuranana gé jadi sagedé dampal leungeun. Handphone téa nu deukeut jeung urang ayeuna mah. Atuh komunikasina teu deui ngaliwatan galura radio terrestrial, tapi internét.

Nu matak konvergénsi nu ayeuna aya teu pati écés wates-watesna antara handphone jeung komputer, atawa antara komputer jeung handphone. Jaga mah sigana konvergénsi téh bakal leuwih rohaka. Urang bakal moal bisa ngabédakeun mana télévisi, komputer, atawa handphone.

Enya, sihoréng konvergénsi téh robahna gancang kacida, sabab geus ngarungkadkeun konsép média massa (mass media). Média massa hartina hiji média nu diparoncongok massa, atawa média keur massa. Asumsina ngan nu ngokolakeun média nu ngabogaan aksés informasi, jeung nyumebarkeun informasina ka masarakat nu teu boga aksés. Ngan ayeuna méh saban jalma ngabogaan média. Saban jalma boga handphone. Hartina, jumlah média gé ayeuna mah ngamassal nepi ka konsép média massa geus teu pati pas. Kiwari apan jamanna the mass of media téh, jalmana massal médiana gé massal.

Dina tataran kontén (content) gé aya robahan dasar. Ku mekarna téknologi informasi, warga dunya bisa silikomunikasi tanpa wates-wates géografis tur sipatna real time. Teu karasa, kelompok-kelompok budaya nu salila ieu patarenggang-paburencay alatan wilayah géografis, ayeuna mah kahijikeun. Urang Sunda di Bandung, bisa ngayakeun komunikasi jeung diskusi jeung urang Sunda di sakuliah dunya. Kelompok profési di Indonésia bisa ngayakeun komunikasi jeung kolaborasi jeung kelompokna, ngawangun komunitas. Ku kituna, nu 3C téh geus ngahirupkeun deui beungkeutan-beungkeutan primordial jeung tradisional, katut ngawangun beungkeutan anyar dumasar sasaruaan kapentingan nu anyar deuih.

Ku kituna dina galura handap lumangsung gerakan média masarakat nu mingkin kuat. Média massa ayeuna geus robah sesebutanna jadi média mainstream. Sedengkeun média nu dikokolakeun ku individu jeung komunitas di jejaring sosial, disebut média sosial. Média mainstream leuwih remen ngulinkeun isu gedé, sedeng média sosial di isu local, malah hiperlokal jeung hiperséktor.

Mun John Naisbitt nganggap mucunghulna deui beungkeutan primordial jaman globalisasi kiwari minangka the paradox of globalisation, saenyana mah geus lain hiji paradoks, tapi hiji konvergénsi antara globalisasi jeung ajén-inajén lokal, atawa dina istilah konvergénna mah glokalisasi. Nu matak kaharti dina jaman globlasi mah justru masalah kasundaan mimiti haneuteun. Mimiti jijingklak. Kelompok-kelompok Sunda online ngumpul di dunya maya, tuluy ngayakeun kagiatan offline. Salasahiji komunitas Sunda di dunya maya nu panggedéna, KUSnét alias komunitas Sunda di internét.

KUSnét téh mimitina mah jaringan milis nu dijieun Ismail Rahman, tanggal 8 Méi 2000. Dina taun 2005, anggota KUSnét aya 1.500 urang. Nu aktifna mah ngan 200 urangan. Awak-awakna téh sumebar di sakuliah dunya. Aya Abah Joe ti New York, Apih Sidik ti Kedutaan Indonesia di Koréa Kidul, aya marinir di Sierra Leone, nu kuliah S2-S3 di sawatara nagara, jeung sajabana ti éta.

Sawatara kagiatan nu geus jeung keur dipigawé KUSnét antarana ngomputerisasi program font aksara Sunda, ngeusian Wikipedia vérsi Sunda (ti mimiti Maret 2004), digitalisasi pustaka Sunda heubeul kayaning buku Roesdi jeung Misnem katut majalah Poesaka Soenda; nyieun game basa Sunda; ngaliwatan Yayasan Percéka (nu diadegkeun ku  KUSnét), mantuan korban bencana, méré béasiswa, ngadeg-ngadegkeun perpustakaan nu sumebar di padésaan Cianjur, Sukabumi, Sumedang, Ciamis, Garut, Tasikmalaya, Majalengka, jeung Cirebon.

Nu matak teu ahéng kontén KUSnét kakolomkeun kana kontén nu jolna ti warga keur warga. Réa rupana jeung réa nu jarero deuih konténna téh. Malah dina sawatara hal mah awak-awak KUSnét sacara otodidak dialajar kaédah-kaédah jurnalistik. Éta jurnalistik warga téh dina dunya jurnalistik mah disebutna jurnalistik akar rumput (grassroot journalism). Nalika para jurnalis warga ngirimkeun konténna ka média massa, disebut wéh citizen journalism. Ari sarining citizen journalism: saban jalma téh média jeung kabéh jalma téh réporter.

Réspons média mainstream

Mingkin kuatna peran individu jeung komunitas geus ngarobah ékosistem média. Média sosial leuwih apal kana kontén hiperlokal jeung hiperséktor. Komunitas leuwih apal wanda informasi nu dipikabutuhna. Dina rupaning isu lokal jeung hiperlokal, média mainstream réa nu teu manggapulia. Di nagara séjén mah, média mainstream tungtungna muka diri pikeun maké kontén-kontén hiperlokal ti citizen journalist. Nu ngokolakeun média ngamekarkeun jurnalistik kesasamaan (peer journalism), ngayakeun jurnalistik handap asor nu nganggap yén nu maca/pamirsa téh mitra nu hargaan pisan. Padungdengan-adurényom di komunitas diangkat ka média mainstream nepi ka jadi isu nasional jeung isu dunya.

Di pihak séjén, isu-isu global di média mainstream jadi bahan kajian di tingkat lokal jeung hiperlokal. Malah komunitas hiperlokal salawasna nyurahan implikasi kajadian global kana kahirupan komunitasna. Di dieu mah mémang aya sinérgi positif antara média mainstream jeung média sosial. Ieu sinérgi bisa kalakon sapanjang nu ngokolakeun média mainstream daék nerapkeun jurnalistik handap asor. Malah cék para futuris média, satengah (50%) kontén média utama dunya téh bakal mucunghul ti publik!  Rarancang kontén moal deui sapinuhna top down ti redaksi, tapi ogé bottom up, atawa ménta masarakat sangkan méré masukan soal rarancang kontén.

Sorangan can kungsi ngayakeun panalungtikan terstruktur soal média Sunda mainstream. Ngan bisa ari ngasongkeun, kakingkin média Sunda sabenerna mah kaprihatin média Sunda mainstream. Média sosial leuwih hasil ngahirupkeun deui sumanget kasundaan sacara populér kitu deui sacara konsérvatif. Populér, lantaran média sosial jadi sarana komunikasi populér Sunda nu “kasieunan” teu bisa nyarita basa Sunda saluyu jeung undak-usukna. Ngan aya ogé komunitas Sunda online nu mémang mertahankeun basa Sunda konsérvatif.

Keur ngahirupkeun deui média Sunda mainstream, tangtu wé sorangan hayang nepikeun pertanyaan-pertanyaan. Naha média mainstream Sunda nu brand-na geus lila dipiwanoh ku masarakat geus maca zeitgeist? Naha nu ngokolakeun média Sunda mainstream handap asor?

Nu ngokolakeun média mainstream Sunda perelu nuturkeun padungdengan nu aya dina Facebook, Twitter, mailing list jeung sajabana. Mun aya isu nu matak narik nu bisa diluyukeun jeung pasar éta média, wacana nu keur diadurényomkeun téh sakuduna diangkat jadi bahan garapan nu leuwih jero. Média mainstream gé perelu boga vérsi online-na, di dinya bisa ditémpélan button média sosial. Tujuanna ngarah komunitas Sunda nu maca bisa nuluykeun (nga-share) éta kontén ka komunitasna. Ku kitu téh, éta komunitas Sunda bakal ngaklik link nu nuju kana website média mainstream-na. Istilahna publik téh sumber kontén, média mainstream nu ngokolakeun kontén, sedeng publik nu masarkeun konténna.

Civic Journalism

Dina dangka tilu taun ayeuna mucunghul aliran jurnalismeu anyar, civic journalism. Civic journalism téh karep ti média pikeun ngayakeun parobahan sosial lain ngan ngaliwatan kagiatan jurnalistik konvénsional. Jurnalistik konvénsional mah apan ngan néangan informasi, ngolah jeung mublikasikanna. Média jeung wartawanna statis. Béh dieu, enya sigana kapikir yén parobahan sosial, hususna dina tingkat masarakat lokal, teu cukup ngaliwatan jurnalistik konvénsional.

Pakar komunikasi University Alabama, David K. Perry, nyebutkeun yén civic journalism téh muncul babarengan jeung mekarna kasadar, boh jurnalis boh audiénna téh lain ukur tukang lalajo dina prosés sosial jeung politik. Da apan ari Civic journalism mah gerakan nu nganggap audién jeung anggota komunitas minangka partisipan aktif dina éta prosés.

Dina kaitan éta, boh média mainstream boh média sosial Sunda, pangpangna nu geus ngabogaan brand kuat, sabenerna bisa migawé civic journalism. Média jeung komunitas Sunda bisa netepkeun kalawan babarengan sasaran jeung tujuan parobahan sosial, tuluy nulis laporan-laporan husus, jeung ngayakeun event-event penting budaya Sunda. Dina konsép civic journalism, média teu wungkul nyarita, tapi jeung prakna. Peran média teu ngan semet jadi media partner atawa sponsor terbatas, tapi mun aya event téh hartina event-na média.

Nu ayeuna kasampak, patarenggangna média Sunda jeung komunitas Sunda. Nu ditulis média lain dina raraga ngamajukeun komunitas, atuh nu dipigawé komunitas teu ngarangkul média. Upamana, gerakan ngamumulé basa Sunda nu dipigawé komunitas/kelompok Teater Sunda Kiwari pingpinan Dadi P. Danubrata, salila ieu mémang dirojong ku média. Tapi dirojongna téh ngan pas derna acara dina panggung. Sageprakan. Geus kitu mah cul … kitu jeung kitu salila 20 taun téh.

Taun ieu, Téater Sunda Kiwari gawé bareng jeung HU. Pikiran Rakyat katut Dinas Pariwisatan dan Budaya Jawa Barat. Di antara nu tilu téh geus aya kasapukan, saban dua taun sakali bakal ngayakeun Féstival Drama Basa Sunda tingkat pelajar. Alhamdulillah, najan réa kurangna, animo barudak ngora kana drama Basa Sunda sihoréng gedé. Ku kawangunna féstival rutin, dipiharep saban sakola bisa nyiapkeun diri, dialajar naskah-naskah téater Sunda. Nu dipiharep tina ieu kagiatan, gairah nu nulis naskah bakal muncul, gairah néater bakal muncul. Tah lebah dieu, aya hadéna média Sunda ilubiung dina ieu kagiatan, upamana ku ngayakeun workshop penyutradaraan jeung sajabana.

Lian ti éta, réa masalah sosial nu aya kakaitanana jeung budaya Sunda nu bisa dideukeutan, dideuheusan ngaliwatan civic journalism, saperti soal lingkungan (Citarum, Cikapundung, jsb), musik Sunda (karinding, angklung, jsb), olahraga (Persib)  jeung masalah-masalah séjénna.

Modél Bisnis  jeung Entrepreneurial Journalism

Di nagara séjén, kacinta kana budaya lokal geus ngahasilkeun duit keur média jeung komunitasna. Réa pausahaan télékomunikasi ngajakan komunitas. Audiosparx, upamana, nyaéta situs nu nyadiakeun kontén musik étnik Afrika. Musik-musik lawas nu méh musna ku maranéhna dihirupkeun lagi, dijieun ringback tone. Sabagian kauntunganana dibalikkeun deui ka komunitas, keur ngawaragadan program ngamumulé budaya.

Di Indonésia, Télkomsel gé nyadiakeun humor Sunda Cangéhgar nu bisa diaksés tina handphone. Tangtu wé ieu téh inovasi nu ngadatangkeun pangasilan. Nu kapikir, ku  naon teu Kang Taufik Faturohman nu ngokolalkeun Majalah Humor Cakakak nu ngayakeun event lomba humor, gawé bareng jeung pausahaan-pausahaan ngalap sponsorna, jeung ngamekarkeun bisnis merchandise nu eusina humor-humor Sunda. Lian ti éta, éta humor bisa ogé dipasarkeun jadi ringback tone, atawa diteundeun dina website Cakakak dina format mp3. Majalah Cakakak bisa meungkeut komunitas Sunda ku jadi member di website-na, ka hareupna mah tangtu wé bakal aya membership fee-na.

Cindekna, ku ngamekarkeun civic journalism bakal ngagelarkeun modél bisnis saperti di luhur. Modél bisnis kieu pisan nu ayeuna jadi tujuan média gedé di dunya. Istilahna, monétisasi kontén. Ieu téh bisa éféktif pisan mun basisna komunitas. Istilah séjénna entrepreunerial journalism, nyaéta adumanis antara idéalismeu média jeung bisnis. Média nu ngayakeun advokasi budaya bari handap asor ka publik, tungtungna meunang dua sumber pangasilan: iklan jeung bagi hasil (revenue sharing) jeung pihak katilu.

Salila ieu, éta dua pihak salawasna gétréng waé, atawa mémang dihaja digétréngkeun. Padahal civic journalism jeung modél bisnis téh ngagelarkeun entrepreneurial journalism. Da bukti atuh, nya média nu ngadumaniskeun idéalismeu jeung bisnis nu ahirna ngahasilkeun profit gedé téh. Da ajén-inajén idéalismeu bukti bisa sajalan jeung bisnis. Naha Mark Zuckenberg mikir pibisniseun basa manéhna nyieun facebook? Henteu, mikirna basajan apan, hayang mantuan silihubungkeun babaturanana. Naha mahasiswa-mahasiswa nu nyiptakeun Google mikiran piduiteun nalika nyieunna? Henteu, maranéhna hayang mantuan masarakat néangan file dokumén kalawan gancang. Kitu deui nu nyieun Yahoo! Tuh pan bukti, tungtungna idéalismeu téh hasilna miliaran dolar.

Tina studi Facebook, Google, Yahoo! jeung nu séjén-séjénna, Harvard Business Review nétélakeun lima pamarekan anyar enggoning ngawangun bisnis pikahareupeun. Dua di antarana: start from the heart, jeung start with little step. Wlahasil, lebah dieu mah gumantung média Sundana sorangan keur ngajamin kalumangsungan hirupna téh. Prinsip-prinsip handap asor, rasa mimitran (peering) ka audién, jeung daék ancrub ka komunitas, éta téh léngkah awal idéalismeu. Kitu deui dipitembeyan tina haté.***

Budhiana Kartawijaya

Sekretaris Perusahaan Pikiran Rakyat. Meniti karir sebagai wartawan di Pikiran Rakyat.

Leave a Reply

%d bloggers like this: